Biograpi Oto Iskandar Dinata dalam Bahasa Sunda


Oto Iskandar Dinata


OTO ISKANDAR DINATA
       Oto Iskandar Dinata dibabarkeun  kaping 31 Maret 1897 di Bojongsoang , kabupaten Bandung. Rama na Nataatmaja Ibu na Siti Hadijah.
     Oto sakola SD na di HIS Bandung, diteruskeun ka Kweekschool Onderbouw  (Sakola Guru Bagian Kahiji) terus sakola deui di Hogere Kweekschool (Sakola Guru Luhur) di Purworejo, Jawa Tengah. Beres sakola, Oto jadi guru HIS di Banjarnegara , Jawa Tengah. Bulan Juli 1920 Oto pindah ka Bandung ngajar HIS jeung Perkumpulan Perguruan Rakyat.
       Dina kagiatan saacan kamerdekaan, Oto pernah jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Bandung periode 1921-1924 sarta jadi wakil ketua Budi Utomo cabang Pekalongan taun 1924. Oto jadi anggota Gemeenteraad ("Dewan Kota") Pekalongan ngawakilan Budi Utomo.
     Oto aktif dina organisasi Paguyuban Pasundan, jadi sekertaris pengurus taun 1928 , jeung jadi ketua periode 1929-1942. Organisasi eta bidang pendidikan, sosial-budaya, politik, jeung ekonomi. 
       Oto jadi anggota Volksraad ("Dewan Rakyat", saperti DPR) nu dibentuk di masa Hindia Belanda periode 1930-1941.
      Waktu penjajahan Jepang, Oto jadi pamingpin surat kabar Tjahaja (1942-1945). Terus jadi anggota BPUPKI jeung PPKI nu di bentuk ku pamarentah Jepang jang ngabantu persiapan kamerdekaan Indonesia.
            Sanggeus proklamasi kamerdekaan Oto jadi Menteri Negara dina kabinet bagian nu kahiji Republik Indonesia taun 1945. Tugasna nyiapkeun dijieuna BKR ti bagian bagian rakyat nu aya di Indonesia. Dina ngajalankeun tugasna Oto ngecewakeun salah sahiji bagian. Oto diculik ku kelompok nu ngarana Laskar Hitam, nepi ka leungit jeung kabunuh di daerah Banten. Tepatna Oto pupus mah di daerah Mauk , Tanggerang, Banten kaping 20 Desember 1945 dina usia 48 taun.
            Oto Iskandar Dinata jadi Pahlawan Nasional dumasar kana Surat Kaputusan Presiden Republik Indonesia No. 088/TK/Taun 1973, kaping 6 November 1973. Salah sahiji monumen
perjuangan bandung Utara di Lembang, Bandung ngarana “Monumen Pasir Pahlawan” diwangun pikeun ngaabadikeun perjuangan nana.
           








Comments

Post a Comment

Popular posts from this blog

Analisis Novel Demung Janggala

Laporan Praktikum Uji Enzim Katalase