Analisis Novel Demung Janggala

Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu'alaikum 

Dina postingan ieu simkuring bade ngabahas ngeunaan analisis novel Demung Janggala.

Resensi Buku :

1.   Identitas Buku

Judul Buku : Demung Janggala

Pangarang   : Tatang Sumarsono

Jumlah kaca : 232 kaca

Penerbit       : CV Geger Sunten

                               Jl. Dr. Setiabudi No. 228 Bandung 40143

                               Telp (022)2016922 – 2016923

Citakan       : Citakan kahiji     : Agustus 1993

Citakan kadua    : Mei 2011

Citakan katilu    : April 2013

2.     Ikhtisar Eusi Buku

Kacaritakeun palaku utama Demung Janggala atawa Surapamungkas jeung lanceukna Listayuwangi atawa Lismaya diajakan ngalolos ku pangasuhna, nyaeta Mamang Jalaprang katut pamajikanana. Ngalolos sabab di Dayeuh Ukur keur aya karamean antara Kanjeng Dipati jeung perjurit ti urang wetan (Mataram), sakur jalma anu aya di pihak Kanjeng Dipati bakal di bawa ka Mataram, ulah nyesa hiji oge, sedengkeun bapana Listayu jeung Pamungkas satia pisan ka Kanjeng Dipati, sabab kitu Listayu jeung Surapamungkas ngalolos supaya teu di bawa ku lawan.

Di tengah jalan, nu keur ngalolos kaudag ku lawan, sabab geus teu bisa ngejat deui kapaksa Mamang Jalaprang kudu ngalawan musuh nu jumlahna sama sakali teu imbang jeung dirina. Untung namah Mamang Jalaprang mampu keneh ngalawan musuh nu tadi, ngan hanjakalna aya perjurit nu kabur, tangtu bae manehna bakal bebeja ka gegedon na yen rombongan Mamang Jalaprang teh ngalolos ka arah dinya. Sabot kitu Rombongan Mamang Jalaprang geuwat ngejat ti eta tempat baris ngalolos bari teu apal tujuan.

Sanggeus lumayan jauh lumaku, nu ngalolos kahambat ku Citarum nu caina keur caah rosa. Tungtungna nu ngalolos mapay mapay sisi walungan nepi ka ahirna manggih hiji tempat nu rada negla. Rombongan reureuh heula sabab geus mulai maju ka peuting.

Isukna, diluar dugaan nu ngalolos teh kakepung ku musuh, dibandingkeun jumlahna mah sama sekali teu sarimbang, sabab kitu Mamang Jalaprang jeung nu liana masrahkeun diri. Sabab geus moal pibenereun mun rek ngalawan mah. Maranehna ditalikung ku dadung sagedé indung suku kolot.

Di tengah tengah perjalanan teu disangka Surapamungkas nu di gandong ku salah saurang perjurit, ngagabreskeun pakarang kana tonggong perjurit nu ngagandongna, manehna tuluy lumpat nepi ka gawir nu langsung nyanghareup ka Citarum, geus kitu mah budak deh ngajleng kana cai, Listayu, Si Ibi katut Mamang Jalaprang reuwaseun kacida, Harita Mamang Jalaprang ngalawan, ngan hanjakalna di dinya oge Mamang Jalaprang nemah pati, terus layon na dipiceun ka Citarum.

Listayu jeung Si Ibi ngan bisa pasrah jadi babandan. Manéhna geus pasrah di gunasika ku perjurit nu ngaboyongna.

Nepi ka Listayu jeung Si Ibi ditulungan ku Raden Sungsang babaturan deukeut bapana Listayu Raden Suranangga, ti dinya mah hirupna mimiti teu sangsara teuing, najan masalah baris kudu disanghareupan ku Listayu. Manehna kapaksa pikeun ngawales budi Raden Sungsang , kudu daek mikawula Kanjeng Pangawulaan nu samasakali teu dipikahayang ku diri Listayu pribadi, Listayu teu wasa nolak sabab lamun nolak Raden Sungsang bakal keuna balukarna , manehna moal diangkat jadi patih nagara. Tungtungna mah Listayu nedunan, Listayu hirup dina kayaan nu teu sajalan jeung lelembutanna, tapi Listayu teu daya teu upaya pikeun ngalawan.

Di sisi nu sejen, Surapamungkas nu biasa disebut Emung téh sabenernamah can nemah pati palid di Citarum. Manehna téh ditulungan ku Mang Bewos, Mang Akung, jeung Mang Joban. Nepi ka Si Emung téh dikukut ku Mang Bewos jeung pamajikana, Mang Bewos sok nyebut Demung ka Emung téh, meh ngareunah kadenge na ceunah, nepi ka ahirna Demung téh ngalandi dirina sorangan nyaeta Demung Janggala, sabab manehna hirup di Janggala. Mang Bewos jeung pamajikanna nyaah kabina bina ka Demung, sagala pamenta Demung teu burung ditedunan.

Ti baheula dina diri Demung ngagendek rasa hayang males kanyeri ka jelema jelema nu ayeuna kawasa di Dayeuh Ukur, nu geus nyokot kolotna jeung nyangsarakeun manehna.

Kajalanan ku manehna hirup jeung bapa kukut nu sapopoé na sok ngabegal. Manehna tumbuh jadi pamuda nu hebat gelutna jeung hebat kana rupa rupa pakarang, kabisaaan na oge sarua jeung bapana ngabegal, manehna teu asa asa maehan jelema anu aya patalina jeung pamarentahan harita.

Demung geus loba pisan nyieun perkara, nepi ka ahirna manehna ti leuweung ka leuweung nyingkah ti perjurit nu teu eureun neangan manehanana.

Salila welasan taun papisah téh sabenerna mah Demung téh aya paniatan hayang panggih deui jeung lanceukna, manehna bebeakan merjuangkeun supaya bisa panggih, nepi ka ahirna Demung bisa panggih jeung lanceukna katut panggih jeung alo na, tapi hanjakalna harita mah Demung téh geus teu walakaya pikeun ngawaleskeun kanyeri hatena ka jelema jelema nu nyekel kawasa harita. Ditambah deui Demung kecewa ka lanceukna sorangan naha bet aya dipihak musuh. Najan sabenerna mah lanceukna oge boga niatan hayang maleskeun kanyeri sarua jeung Demung ngan beda cangkangna wungkul.

Teu di sangka ku Demung, panggih jeung lanceukna téh kalah sarua jeung ngasongkeun diri ka lawan, sabab dina hiji peuting, mangsa Demung keur panggih jeung lanceukna, manehna nyaritakeun sakabeh lalakon hirupna di imah urut pangasuhna baheula. Sing horeng di luareun imah téh manehna geus di kepung ku pasukan ti padaleman (pamarentah harita). Geus kieu mah Demung geus teu bisa deui ngalawan , manehna pasrah kudu narimakeun hukuman teukteuk beuheung nu baris di randapan ku manehna. Ti dieu mah ahir tina lalakon perjuangan Demung ngabaleskeun kanyeri hatena.

3.   Kaunggulan Sarta Kalemahan Buku

Kaunggulan Buku          :

Tema novel saluyu jeung kahirupan , hartosna dina kahirupan nyata oge mungkin wae kajadian masalah saperti nu karandapan ku Demung, nu matak bisa dijadikeun eunteung pikeun nu maca, lampah tepat nu kumaha lamun urang aya dina kaayaan kitu. Galur gampang katarana ku nu maca. Pangarang oge jelas pisan ngagambarkeun watek tokoh tokoh nu penting dina carita. Najan aya sawatara kalimah nu jarang dipake dina kahirupan sapopoe tapi nu maca teu janten masalah, sabab didukung ku suasana nu kaciptana.

Kalemahan Buku :

Buku teu dilengkepan ku panganteur.

Unsur Intrinsik Novel  :

1.     Tema          : Usaha jalma – jalma nu hayang maleskeun kanyeri hate.

2.     Tokoh         : a. Mamang Jalaprang (Pangasuh Listayu & Pamungkas)
                                 Watekna : Tanggung jawab, wanian, bijaksana dina   nyanghareupan masalah.

                             b. Si Ibi (Pangasuh Listayu & Pamungkas)
                                   Watekna : Tegar, satia, tanggung jawab, mikanyaah.

                             c. Surapamungkas (Demung Janggala)
                                 Watekna : Gurat batu, gede kawani, bageur.

                            d. Listayuwangi (Lismaya)(Lanceuk Demung)
                                Watekna : Pasrah kana kaayaan.

                            e. Kang Bewos (Bapa kukut Demung)
                                Watekna : Mikanyaah, gede kawani.

                            f. Mang Akung (Babaturan Kang Bewos)
                               Watekna : Sok heureuy, satia.

                            g. Ceu Idoh (Pamajikan Mang Akung)
                                Watekna : Bageur.

                            h. Mang Joban (Babaturan Kang Bewos)

                            i.  Aki Subita

                            j. Ma Ursih

                            k. Raden Sungsang Pamangger (Babaturan Raden Suranangga)
                                Watekna : Mikanyaah, kadang mentingkeun diri Sorangan.

                            l. Embi Teja (Pamajikan Raden Sungsang)

                            m. Mas Jurusimpen

                            n. Cutak Cikalongwetan

                            o. Aki Rangga (Akina Demung)
                                Watekna : Bijaksana, bageur, tegas, mikanyaah.

                            p. Embi Mirah (Anak Aki Rangga)

                            q. Juragan Demang

                            r. Kanjeng Pangawulaan (Salaki Listayuwangi)
                               Watekna : Tegas.

                            s. Mang Darga (Gulang-gulang titahan Listayu)
                                Watekna : Patuh.

3.     Galur                    : Marélé
                                       Kaca 84 : Teu karasa, geus aya taunna Demung cicing jeung indung bapa kukutna                                                   téh.

4.     Sudut Pandang     : Pangarang jadi jelema katilu nu sagala apal.

5.     Latar                    : a. Latar Tempat
                                          Citarum
                                          Kaca 5 : Citarum caah rosa, ngagulidag umpal-umpalan. Atuh anu rék marentas                         
                                          Imah Aki Subita (Haurmuseur)
                                          Kaca 28 : Barang jol ka pamatuhan Aki Subita…

                                          Imah Kang Bewos (Janggala)
                                          Kaca 39 : “Ari Abah kunaon bet cicing téh di Janggala…”
                                        
                                          Leuweung
                                          Kaca 126 : Gancang wae dibawa marubus ka jero leuweung.

                                          Imah Senapati Sungsang
                                          Kaca 76 : Teu kungsi lila Listayu disaur ku Raden Sungsang.

                                          Pakemitan
                                          Kaca 134: Pacalang anu jaga di Pakemitan ukur kari duaan.....

                                          Pasirsalam
                                          Kaca 174 : “ Urang ka Pasirsalam”,…

                                          Imah Aki Rangga
                                          Kaca 149 : Imah Aki Rangga geus rata jeung taneuh,…

                                          Kandangwesi
                                          Kaca 145 : “Kandangwesi , nun,”

                                          Imah Si Ibi
                                          Kaca 210 : Hiji poe, waktu si Ibi rék balik ka imahna,…
                            
                                      b. Latar Waktu
                                          Peuting
                                          Kaca 13 : Peuting beuki jempling.

                                          Pasosore

                                          Isuk-isuk

                                          Asar ahir

                                          Burit
                                          Kaca 37 : Poé geus maju ka burit.

                                          Wanci Haneut Moyan
                                          Kaca 75 : Wanci haneut moyan, manehna pangangguran,…

                                          Wanci Janari Gedé
                                          Kaca 75 : Kira-kira wanci Janari Gedé…
    
                                      c. Latar Suasana
                                          Suni : Waktu tengah peuting atawa lamun ngobrol hég pada caricing.

                                          Tegang : Waktu ngalawan musuh.

                                          Pikaseudiheun : Waktu ningal Surapamungkas jeung Mamang Jalaprang di                                            palidkeun ka citarum.

                                          Pikabingungeun : Waktu Listayu kudu nyumponan saran ti Raden Sungsang.

                                          Panik : Waktu di tengah jalan , hég dipegat bégal.

                                          Tagiwur : Waktu aya kahuruan

                                          Nalangsa : Waktu Listayu pasrah jadi babandan.

6.      Gaya Basa            :  Ngahudangkeun maung hees.....(115)

                                         Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan......(6) metapora

                                         Bisi kadengeeun ku cakcak bodas.(120) metapora

                                         Cakcak ku leuleuy oge enggeus murugul........(123) hiperbola

                                         Ulah kejot borosot, ulah getas harupateun..........(138) peribahasa

                                         Ngubeuk leuwi rek ngala beunteur......(182)

                                         Teu bisa cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng......(232)

7.     Amanat            : Sagala rupa laku lampah urang kudu baris dipikiran heula. Naha hadé atawa                                             ngundang pibalukareun pikeun diri sorangan atawa diri batur.

Comments

  1. Membantu sekali dalam tugas saya, makasih banyak kak...

    ReplyDelete
  2. Sangat membantu,thank you so much

    ReplyDelete
  3. Sangat membantu,thank you so much

    ReplyDelete
    Replies
    1. Yup sama-sama, glad to help

      Delete

Post a Comment

Popular posts from this blog

Biograpi Oto Iskandar Dinata dalam Bahasa Sunda

Laporan Praktikum Uji Enzim Katalase