contoh makalah kenakalan anak remaja dalam bahasa sunda



DAPTAR EUSI

       BAB      I              BUBUKA
                                                BAB      II             EUSI
                                                BAB      III           PANUTUP























BAB I
BUBUKA

A.     Kasang Tukang

Kabangoran budak jaman ayeuna jadi topik


B.     Rumusan Masalah

1.       Naon wae faktor nu nyebabkeun bangorna rumaja teh?
2.       Kumaha carana ngeyah kabangoran rumaja jaman ayeuna ?

C.      Tujuan

1.       Ngajelaskeun faktor nu nyebabkeun bangorna rumaja.
2.       Ngajelaskeun cara nyegah kabangoran rumaja jamn ayeuna.










                              





BAB II
EUSI
        A.     Faktor Penyebab
                   Kabangoran rumaja di jaman modern ieu geus leuwih tina batas anu wajar. Loba budak nu acan cukup umurna tapi geus kenal kana Roko , Narkoba jeung terlibat dina tindakan-tindakan kriminal sejena. Fakta ieu geus teu bisa deui di tolak, sakumna nu katingali ku urang sadaya brutalna rumaja jaman ayeuna. Hal-hal eta bisa laksana teh ku ayana faktor  - faktor dihandap ieu :
Ø  Kurangna kanyaah ti kolotna.
Ø  Kurangna pangawasan ti kolotna.
Ø  Gaulna jeung babaturan anu henteu saumur.
Ø  Henteu ayana bimbingan kapribadian ti sakola.
Ø  Dasar-dasar agamana kurang.
Ø  Peran tina berkembangna IPTEK anu sipatna negatip.

       B.     Cara Nyegahna Kabangoran Rumaja

       Lolobana Orang tua di jaman ayeuna mah sibuk pisan barang siar keur panghirupanana. Aranjeuna geus teu ngabogaan deui loba kasempatan pikeun milu kamana wae budak-budak na indit. Padahalmah, bangorna rumaja sumber namah lolobana tina pergaulan. Ku kituna , orang tua kudunamah bisa mikeun inti pendidikan ka para rumaja. Inti pendidikan teh nyaeta salah sahiji pedoman dasar pergaulan nu singkat, padet, babari diinget jeung babari dilaksanakeun. Ku mikeun inti tina pendidikan ieu, kamana wae budak inditna manehna bakal inget pesen ti kolotna jeung bisa ngajaga dirina sorangan. Budak jadi mandiri jeung bisa dipercaya, sabab ngan dirina sorangan nu bisa ngendalikeun dirina. Salila salah saurang masih ngabutuhkeun pihak sejen keur ngendalikeun dirina sorangan, salila eta oge aya kemungkinan manehna bakal ngalanggar peraturan mun nu ngendalikeun na teu deukeut jeung manehna.
Inti pendidikan teh aya dua hal , nyaeta :
       1.      Era ngalakukeun kajahatan
Benteng penjaga kahiji sangkan rumaja teu salah langkah dina kahirupan ieu teh nyaeta numbuhkeun kaera ngalakukeun kalakuan nu teu bener atawa galak. Dina mikeun pendidikan, kolot kuduna sing tegas bisa nunjukeun ka budak beda jeung akibatna tina kalakuan nu alus jeung kalakuan nu goreng.
           Jelasna kolot nerangkeun hal ieu bisa ngaleungitkeun karaguan budak dina nentukeun hiji kaputusan. Kaputusan keur milih kaalusan atawa kagorengan. Ngajelaskeun hal ieu kudu namah di bikeun ti leuleutik. Leuwih awal leuwih alus. Bere kasempatan pikeun budak meh bisa nyonto kalakuan alus kolotna. Ajarkeun jeung didik rumaja meh teu ngabunuh, maling, ngalanggar norma susila, ngabohong jeung mabok. Manpaatkeun media tv pikeun alat pangajaran. Tunjukeun ka budak teh yen kagorengan moal bakal meunang. Kagorengan bakal leungit pada ahirna. Sabalikna sanajan kaalusan kadang ripuh di mimitina tapi ahirna mah bakal meunangkeun kasenang.
        Mun budak geus bisa jelas ngabedakeun kaalusan jeung kagorengan, tahap nu kadua nyaeta numbuhkeun kaera pikeun ngalakukeun kajahatan. Ngondisikeun ayana kaera bisa ngagunakeun cara saperti keur kolot ngenalkeun pakean ka budak-budakna. Kolot terus usaha mikeun pakean nu pantes pikeun budak-budakna. Tapi, lamun hiji waktu budak keur make pakean nu teu pantes atawa meureun muka saeutik, kolotna langsung menerkeun bari negaskeun yen hal eta teh ngerakeun. Sikap masih ngenaan jeung masalah pakean pisik. Pakean batin oge sarua kitu. Kolot lamun apal budakna ngalakukeun hiji kalakuan nu teu pantes buru-buru bejakeun yen hal eta teh ngerakeun.
        Bikeun talatah meh manehanana teu ngalakukeun deui hal saperti kitu. Lamun hal eta masih dilakukeun, bere hukuman. Bere hukuman nu ngadidik, lamun hal eta masih keneh dilakukeun. Usahakeun ku sagala cara meh budak teu ngalakukeun deui hal nu teu alus tea.

       2.      Sieun Akibat Kalakuan Jahat.

Lamun budak beuki gede, kolot selain nunjukeun yen salah sahiji kalakuan teh teu pantes, ngerakeun lamun dilakukeun ku budakna, kolot ngingetan ku mere uraian tentang akibat kalakuan goreng nu dilakukeun ku budakna. Akibat negatip utamana nu bakal ditarima ku manehanana, jelaskeun oge akibat negatip nu bakal ditarima ku kolot jeung lingkunganna. “Lamun urang teu resep kana hiji kalakuan, sabenernamah ampir kabeh jalma oge bakal teu resep kana hal eta. Rata-rata kabeh mahluk, dina hal ieu, manusa ngabogaan perasaan nu sarua.” Penjelasan saperti kieu bisa ngabangkitkeun kasadaran budak yen kalakuan goreng nu teu hayang dialaman bakal nimbulkeun rasa nu sarua pikeun nu sejen.
Numbuhkeun kaera jeung sieun ngalakukeun kalakuan goreng ieu nu bakal jadi “pangawas satia” dina diri unggal jelema. Khususna para rumaja. Salila dua puluh opat jam sapoe “pangawas” ieu bakal ngalaksanakeun tugasna. Kamana wae budak indit, manehna pasti bisa inget jeung ngalaksanakeun kadua hal nu sederhana ieu. Budak bakal bisa nempatkeun dirina dina lingkungan kumaha wae oge, jadi budak bisa ngabahagiakeun dirina sorangan, kolotna, oge lingkungana. Kolot geus moal deui kawatir nyanghareupan budak-budakna nu mulai rumaja. Sabenernamah da memang diri soranganna keneh pelindung pikeun diri sorangan. Senang jeung sedih nu di alaman nyaeta hasil tina kalakuan urang sorangan. Sabab, ku sorangan kagorengan dilakukeun ; ku sorangan oge kagorengan eta bisa dijauhan. Ku kitu na ku mere pengertian nu alus tentang inti pendidikan tea ka barudak, diharapkeun budak bakal bisa mawa diri jeung ngajaga dirina sorangan meh bisa kacapai kabahagiaan. Kabahagiaan keur dirina sorangan. Kabahagiaan pikeun kolotna. Kabahagiaan pikeun lingkungana.

 BAB III
PANUTUP
 
Tina uraian di luhur bisa disimpulkeun yen :
1.    Diantara hal nu nyebabkeun bangorna rumaja teh nyaeta kusabab faktor kurangna perhatian jeung kanyaah ti pihak keluarga, pemahaman tentang agama jeung, pembinaan tentang pangaruh pergaulan jeung lingkungan sekitar nu ngaliputi saperti budaya ti barat, mimitina ngan nyobaan kalakah kabawakeun di jerona.
2.    Akibat nu timbul tina bangorna rumaja pikeun diri sorangan mangaruhan pisan kana psikologi rumaja eta tea, jeung pikeun kulawarga, kolotna lamun budakna ngalakukeun hal nu nyimpang tina ajaran agama ulah langsung maen fisik, dampakna bakal ngaleungitkeun kaharmonisan dina keluarga, komunikasi antara budak jeung kolot jadi pegat. Eta kabeh teh bakal berdampak negatip jeung kurang alus pikeun rumaja eta sorangan, keluarga na , atawa lingkunganna. Pikeun ngarubahna oge ngabutuhkeun waktu nu lila jeung hate nu ikhlas keur ngarobah ka jalan nu leuwih alus.
3.    Aya oge sawatara hal nu kudu dilakukeun pikeun nyegah bangorna rumaja nyaeta nanamkeun nilai-nilai moral , hal eta teh bisa dimimitian di rumah tangga jeung dilaksanakeuna ti leuleutik sesuai jeung umurna sabab unggal budak nu dilahirkeun teh can ngarti mana nu alus mana nu goreng, oge can nyaho dimana batas-batas katentuan moral dina lingkunganana. Binaan eta bisa jadi latihan-latihan, nasehat-nasehat nu dipandang alus. Pembinaan eta kudu dimimitian ti kolotna, bisa tina cara merlakukeun , ngalayanan rumaja, nempokeun conto teladan nu alus jeung sajabana 


disusun oleh : tsaraaulia imannisa .

Comments

  1. conto makalah anu sae, tangtuna nga bantu sim abdi sareng nu sejenna..
    hatur nuhun teh conto makalah na..

    sareng punten kade tong hilap teh berkunjung ka blog sim abdi: obat kista tradisional.
    obat pelangsing herbal.
    hatur nuhun sateaanna..

    ReplyDelete

Post a Comment

Popular posts from this blog

Analisis Novel Demung Janggala

Biograpi Oto Iskandar Dinata dalam Bahasa Sunda

Laporan Praktikum Uji Enzim Katalase